Standard (EADGBE)

Mesat ngapung luhur jauh di awang awang

Meberkeun janjangna bangun taya karingrang

Kukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk

Ngepak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna

Gadang jeung partentang taya bandingan nana

Dipikagimir dipikaserab ku sasama

Taya karempan ka sieun leber wawanenana

Chorus

Manuk dadali manuk panggagahna

Perlambang sakti Indonesia jaya

Manuk dadali pang kakoncarana

Resep ngahiji rukun sakabehna

(Same as (#))

Hirup sauyunan tara pahirihiri

Silih pikanyaah teu inggis bela pati

Manuk dadali gadung siloka sinatria

Keur sukmana bangsa di nagara Indonesia

Chorus